Kamis, 26 April 2012

Lagu Paturay


PATURAY


Asa kamari  urang sasarengan
Diajar di aping ibu bapak guru
Asa can lami urang sosobatan
Ceunduk waktosna ayeuna papisah

Papisah urang bakal papisah
Pateubih urang bakal pateubih
Paanggang urang bakal paanggang
Paturay urang bakal paturay

Lulus ujian kacida bungahna
Ibu bapak guru nu ageung jasana
Junun sakola ngudag cita – cita
Muga – muga jaga urang teupang deui

Pileuleuyan sobat – sobat sarerea
Pileuleuyan duh ibu bapak guru
Paturay kacida sedihna
Pileuleuyan duh kantun waasna











WAJIB BELAJAR


Yuk batur yuk batur urang diajar
Maca buku – buku nu rea guna na
Elmu pangaweuruh jeung seni budaya
Diajar – diajar sing rajin di ajar

Yuk batur yuk batur urang diajar
Kudu rajin – rajin datang ka sakola
Hormat ka guru akur ka sasama
Diajar – diajar sing rajin di ajar

Wajar wajib di ajar
Ngarah pinter wajib di ajar
Nyiar elmu sugih pangarti
Bekel jaga pikeun bakti

Wajar wajib di belajar
Matak pinter wajib diajar
Luhur elmu jembar panalar
Sangkan jadi murid teladan
































Tidak ada komentar:

Posting Komentar